feedburner
Enter your email address:

Delivered by FeedBurner

feedburner count

herey bodor

Ulah Kagok Nyaah

Didi: "Ceuk kuring mah mun mitoha teh ulah kagok nyaah, nya?" Dede: "Kumaha tea?" Didi: "Heueuh, pan kuring teh dibere anakna. Mun mere teh ulah anakna wungkul ... Sakalian jeung imahna, kebonna oge biayaan keur dahar sapopoena. Atuh kahayang teh deuih incuna jajanan unggal poe!" Dede: "Punten, nun. Ari sia eling?!" (Tetty Erhas - Bandung)

Ubar Sars

Evi: "Numutkeun panalungtikan, ayeuna geus aya ubar nu mujarab pikeun ngungkulan panyakit SARS." Wiwi: "Naon ngaran ubarna?" Evi: "Jukut." Wiwi: "Naha make jukut?" Evi: "Buktina, can aya kacaritakeun embe nu asup ka rumah sakit lantaran katarajang panyakit SARS."

Rumus

Dosen: "Ari saderek mecahkeun soal-soal matematika basa ujian, ngagunakeun rumus naon atuh? Nanya soteh pedah we dina lembar jawaban gaduh saderek mah eusina beda ti nu sejen." Mahasiswa: "Eksperimen, Pa. Abdi ngagunakeun rumus ... togel." Dosen: "Beu, ari tukang judi sok aya-aya bae!"


Ngagakgak

Keur ngagakgak seuri, bus teh laleur asup kana sungut. Puguh we kuring jadi gagalapakan bari calawak. Teu kungsi samenit laleur kaluar deui, tapi jadi dua. Sihoreng laleur nu cikeneh asup teh nulungan sobatna nu leuwih ti heula asup kana sungut kuring.


Paingan

Nana: "Naon sababna euy, Si Odi ditewak pulisi?"
Ajat: "Ah, teu pira, mantuan ngagotong kulkas nu Pa RT."
Nana: "Hor, naha make ditewak?"
Ajat: "Enya da nu dibantuanana bangsat!"
Nana: "Paingan atuh ..."


Numawi

Dina beus kota jurusan Cibiru-Kebonkalapa, hiji ibu-ibu nyarita ka Jang Kosim anu diuk gigireunana.
Ibu-ibu: "Aduh, Ibu mah Cep, taun ayeuna mani lieur, anu hiji asup ka SMP, anu hiji ka SMU!"
Jang Kosim: "Nya, wayahna bae Ibu, urang kedah sing sabar."
Ibu-ibu: "Ari Encep sabaraha hiji putra teh?"
Jang Kosim: "Numawi ... abdi mah bujangan keneh Bu."
Tiis
Oneng: "Na ... jeruk teh tiis-tiis teuing!"
Imas: "Meunang meuli iraha kitu?"
Oneng: "Kamari meulina mah, ngan diteundeun dina kulkas!"
Imas: "Nya heueuh atuh ari diteundeun dina kulkas mah tiis."
Oneng: "Aeh heueuh nya."
Teu Diitung
Suta: "Menta duit sarebu lima ratus!"
Naya: "Keur naon?"
Suta: "Nebus KTP."
Naya: "Naha?"
Suta: "Kamari, ceuk silaing, dahar di rumah makan nu anyar dibuka tea sanguna mah tara diitung. Naha geuning angger sanguna oge kudu dibayar. Tungtungna KTP we ditinggalkeun, keur boreh."
Naya: "Uing mah ngomong soteh ... sanguna teu diitung, lain teu dibayar!"
Suta: "Heueuh nya."
Ganda

Akang: "Kenging Akang naros?"
Eneng: "Kantenan."
Akang: "Ari Eneng teh nyalira keneh?"
Eneng: "Tos ganda ayeuna mah."
Akang: "Ganda ... campuran atawa putra-putri?"
Eneng: "Ganda kembang abdi mah."
Wesel

Hiji mojang mere surat ka pamuda anu bogoheun ka manehna, tapi wanina teh ngan ngaheureuyan wae. Kieu unina:
Lamun bogoh ngomong langsung, lamun era nyuratan. Tapi lamun ngaweselan leuwih ditarima.
Karaoke

Oded: "Barisa ngabarohongna teh ..."
Oyod: "Saha, Ded?"
Oded: "Eta, tempat-tempat karaokean."
Oyod: "Na kumaha kitu?"
Oded: "Cenah bisa karaoke sagala rupa, tapi geuning euweuh karaoke wayang!"
Oyod: "Maneh nu teu hideng atuh eta mah!"
Salah Sorangan

Safari: "Ayeuna mah beuki jarang budak sakola nu tuluy kuliah teh. Komo nu kuliah datang ka jadi sarjana mah."
Pupung: "Sigana, pedah ayeuna loba ... sarjana nganggur."
Safari: "Salah sorangan sarjana nganggur mah."
Pupung: "Salah sorangan kumaha?"
Safari: "Kieu geura. Sabab alesan manehna hayang kuliah teh ... tamba nganggur! Nya puguh, barang tamat jadi sarjana teh ... nganggur deui. Balik deui ka asalna!"
Di Hijir Ismail
Hayang sholat di Hijir Ismail, teu pareng ku pinuh-pinuh wae. Harita mah katingali kosong dua urangeun. Teu hararese sup waeh. Cong sholat sunnat dua rokaat. Sapanjang sholat, bulu punduk teh bet tingkaruniang. Aya naon, nya ...?
Rengse sholat, ret ka tukang. Gebeg ... Tukangeun, mayit mani ngabarugigag. Paingan atuh bujur teh mani asa aya nu nyomotan wae. Dasar, borangan teh hayoh dibekel ka tanah suci.
Korma
Diitung, aya duapuluh hiji macem korma di Arab teh. Aya korma nu sakilona tujuhratus rebu. Kuring meuli sakilo, bawaeun ka lembur.
Di lembur, siki korma nu mahal teh ku kuring dipelak. Tina sakitu puluh, sasiki nu jadi. Ayeuna geus sataun, tangkal korma jangkungna geus sapuluh senti.
Kuring gede hate bakal jadi jalma beunghar. Jaga, jaganing jaga bakal boga untung tina dagang korma nu dipelak ayeuna. Mangkaning sakilona tujuhratus rebu. Tong sirik, nya?
Mabok

"Ku naon teu milu piknik?"
"Ah, sok mabok dina beusna."
"Ari sok mabok mah, mawa keresek geura."
"Ah, basa eta ge mawa keresek sapuluh, angger we mabok!"
"Beu!"

Endah Kolot

Bi Endah keur ngajanteng sisi jalan nungguan beus. Lar aya angkot, kenekna gogorowokan, "Endah-Kolot ... Endah-Kolot!" cenah. Maksudna mah Bale Endah - Dayeuhkolot, "Bu, Kolot?" ceuk kenek deui bari nunjuk ka Bi Endah.
"Nyao siah, dasar kenek weureu!" ceuk Bi Endah bari ngacungkeun peureupna.

Kakara

"Halow, sareng saha ieu?"
"Ari ieu sareng saha?"
"Har, naha bet malik naros?"
"Puguh ieu teh nyobian telepon anyar, jadi sapencet-pencetna."
"Ih, dasar!"


Tutup Buku

Maleman Nisfu Syaban di masjid Al Imam.
"Ayeuna teh minangka tutup buku mun koperasi mah," ceuk Wa Didin.
"Nu urang mah sigana tekor bukuna teh," Mang Engkun mairan.
"Ku naon kitu?"
"Enya. Simpenan wajibna belang betong. Simpenan sukarela saeutik pisan. Ari hutang mah loba, da loba pamenta tea."
"Matak peuting ieu kudu ngadu'a, sugan we aya ... pemutihan."


Operasi Plastik

Si Emod keur ngelem ember plastik nu beulah. Lar Bi Emoh ngaliwat.
"Keur naon, Mod, mani husyu?" tanyana.
"Operasi plastik!" tembal Emod, sumanget.

Gede Bohong

Didin: "Sato naon nu gede bohong?"
Dadang: "Sato naon?"
Didin: "Sato hayam."
Dadang: "Na kumaha?"
Didin: "Geus puguh endog teh buleud lonjong, bebeja ka batur mah apan kotak-kotak-kotak!"
Dadang: "Heueuh, nya ..."

Gede Hate

Amin: "Naon pangna anjeun gede hate, yen cita-cita anjeun bakal kahontal?"
Uman: "Ah, najan teu gede hate ge pangrasa kuring, cita-cita kuring tangtu kahontal."
Amin: "Na naon cita-citana?"
Uman: "Hayang jadi ... rahayat leutik!"


Ngalindur

Abah: "Rek ka mana mawa pacul, Kabayan?"
Kabayan: "Rek sare di saung kebon, Bah."
Abah: "Geuning mawa pacul?"
Kabayan: "Sugan we abdi ngalindur. Kamari ge abdi ngimpi macul kebon, hanjakal teu nyandak pacul!"
Abah: "Na ari minantu aing!"

Komputer

Utad: "Jaman modern, nulis naskah masih make mesin tik, kuno!"
Ated: "Barabe, dua kali gawe!"
Utad: "Naha kitu?!"
Ated: "Make komputer mah lila, nulis heula kakara diprint!"
Utad: "Ari mesin tik?"
Ated: "Mun urang nulis, langsung ngeprint!"
Utad: "Bener oge nya!"
SUPIR NEGONG
Pulisi: "Nyaho teu, naon hartina letter S?"
Supir: "Terang Pa, teu kenging liren di dieu!"
Pulisi: "Heueuh naha atuh kalah eureun?"
Supir: "Nu mawi Pa, angkot ieu mah teu tiasaeun maca. Ku abdi sina maju ge kalah mugen. Saurna mah lebar ku panumpang - nu rupina sami deuih buta hurup - kanggo nambih-nambih setoran."
Pulisi: "Lah loba alesan ka dieukeun SIM!"
Supir: "Sim abdi? Mangga sim abdi mah. Upami Surat Ijin Mengemudi kakantun!"

KOMPUTER
Enya kahayang jelema mah moal aya tungtungna. Kuring ge ngalaman sorangan. Baheula hayang-hayangan boga komputer, ambeh lamun ngarang gampang. Tinggal diketik, teu sieun salah da gampang ngolahna. Teu siga ku mesin tik, mun salah teh ditip-ex. Sabot nungguan tip-ex garing teh ... ideuna leungit deui! Sering pisan kajadian siga kitu teh.
Ayeuna geus boga komputer, angger we bararingung. Teu bisa jongjon mun ngarang. Naha? Inget bae kana ... cicilan hutangna, da duitna meunang nginjeum basa meuli komputer teh. Inget bae kana ... listrik, da tangtu mayar listrik nambahan. Inget bae kana ... honor karangan nu sok telat datang. Jadi kudu kumaha?

LANGLAYANGAN
Si Agan budak Pa Nana ngadat menta dipangmeulikeun langlayangan. Pa Nana teu loba omong da keur ngobrol jeung Pa Trisna, song wae budakna dibere duit.
Teu sabaraha lila Si Agan datang deui bari ceurik.
Pa Nana: "Naha make ceurik, pan geus dibere keur meuli langlayangan?"
Si Agan: "Langlayanganana teu daek ngapung, euweuh angin!"
Pa Nana: "Montong leweh siah! Jung meuli anginna ka dituh ka Bang Amir tukang tambal ban!" (bari ngasongkeun duit receh).
Si Agan jeung Pa Trisna arolohok.

TEU BISA MASAK
Sanggeus dirapalan jeung geus disahkeun ku na'ib, balik ti masjid panganten awewe ngaku terus terang, "Ulah kaget nya Kang, abdi teh teu tiasa masak," cenah.
Salakina ngajawab: "Teu nanaon Nyai, sabab gajih Akang oge henteu cukup keur meuli pasakeunana."

UDUD
Aki Alwasim keur ngageret nimba bari udud roko keretek nu anyar diseungeut.
Incu: "Aki, tong nimba bari udud, bisi murag!"
Aki: "Moaaal ...!" (bareng jeung ngeclikna udud tina biwir Aki, ragrag ka sumur).
Incu: "Tuh nyaaa, ceuk uing ge!" (bari ngacir).
Aki: "Gara-gara sia ...!"


PEPERANGAN
Nini: "Keur arulin naon barudak?"
Andi: "Peperangan, Ni. Abdi janten komandan Amerikana. Edo, Eon, Edi jeung Eko janten prajuritna."
Nini: "Ari nu tiluan deui, jadi naon?"
Andi: "Entat, Entit, Entut mah janten prajurit pasukan ti Inggris."
Nini: "Oooh. Ari Si Topan jadi naon tah? Geuning ditenjo-tenjo teh bet nyempod bae di juru?"
Topan: "Abdi mah janten ... Sadam Husen-na."
Nini: "Na, Sadam Husen teh ... olol leho?"
Topan: "Api-api kumisna kituh, Ni!"


NAHA?
Toto: "Naha nya euy, tangkal kalapa nu kuring mah buahna tara aya nu kolot?"
Bubun: "Dihakanan bajing?"
Toto: "Ah, tara. Ngan duweganana sok dipupu!"
Bubun: "Nepi ka kiamat ge moal aya nu kolot, ari duweganana dipupu mah, seblu!"


NGALAMAR
Calon Mitoha: "Ari Ujang leres minggu payun bade ngalamar ka Si Nyai anak Bapa?"
Calon Minantu: "Atuh kantenan, Pa."
Calon Mitoha: "Nya ari kitu mah sae, ngan kade poho sarat-saratna kedah lengkep. Sapertos KTP, SIM, STNK, akte kelahiran, katerangan ti dokter, riwayat hidup, surat kelakuan baik ti pulisi, sareng eta we ... munding dua, duit genep puluh juta!"
Calon Minantu (tuluy nyingkah): "Geranatna mah tilu ge cekap nya, Pa?"
KARUNYA
Utad: "Kuring mah ngarasa karunya jeung sedih!"
Ated: "Na ku naon, kitu?"
Utad: "Beuheungna ditalian ku rante gede, terus dibebetot tepi ka nonggeng, emh sedih!"
Ated: "Heueuh, naon atuh?"
Utad: "Can puas tepi ka nonggeng, dibebedol deui tepi ka ragrag ka handap nu tungtungna ancur paburantak!"
Ated: "Sok bejakeun, na naon atuh?"
Utad: "Eta patung Saddam Husein, nu diancurkeun ku pasukan gabungan Amerika jeung Inggris."
Ated: "Sugan teh dulur maneh kamusibahan!"
KABITA
Encun: "Ku naon ari maneh, unggal lalajo telepisi dewek sok bari kumetap wae?"
Adut: "Kabita euy ... hayang ngajual!"
Encun: "Si, dasar tukang loak. Balik kaituh! Kuriak tipi dewek dipaling. Mangkaning meunang ngiridit, can lunas!"


TUKANG SUMUR BOR
Salaki: "Asa beuki ripuh bae usaha teh. Keur mah kurang pagawean, katurug-turug asa beuki rea bae saingan teh."
Pamajikan: "Na kumaha kitu, Kang?"
Salaki: "Dasar kurang gaul. Puguh ieuh, batur mah keur guyur, majar aya anu sok ngebor anyar jeung hade deuih, malahan mah pada nunggu-nunggu."
Pamajikan: "Eh ari Akang, eta mah lain tukang ngebor sumur siga Akang atuh. Tapi Inul Daratista si ratu ngebor tea, nu sok aya dina tv. Bisa ka sorangan teu gaul, bari manehna!"
Salaki: "Ke, ke ... na ari Si Inul usaha kana ngebor naon kituh?"
Pamajikan: "Menggeus ah, tanyakeun ka ditu ku sorangan!"
SARATNA NGOJEG
Momon: "Sigana ngeunah, mun ngajaran jadi tukang ojeg."
Yudi: "Geus cumpon acan sarat-saratna?"
Momon: "Saratna naon bae kitu?"
Yudi: "Sarat katilu, kudu boga SIM. Sarat nu kadua kudu tahan angin."
Momon: "Ari sarat nu kahiji naon kitu?"
Yudi: "Sarat nu kahiji mah kudu ... miskin! Mun beunghar mah poma ulah daek jadi tukang ojeg, mendingan jadi pemborong bae!"
INUL
Utad: "Ku naon pamajikan maneh kukulutus bae, Ted?"
Ated: "Parebut tv jeung dewek!"
Utad: "Ari kitu?"
Ated: "Pamajikan hayang lalajo Telenovela, ari dewek kagok keur lalajo Inul."
Utad: "Terus, sora naon nu ngagolombrang?"
Ated: "Seeng tibeubeut, kasenggol ku bujur Inul!"
Utad ukur seuri koneng, ngartieun.

HAYAM KUAT
Hayam bikang nyileungleuman endog sapuluh siki. Manehna meunang beja, lamun hayang kuat nyileungleum, kudu daek ngaloklok endog sapoe dua kali. Ku manehna diturut.
Beak poe ka lima, sanggeus endogna beak, manehna meunang beja, hayang kuat pisan mah ngadahar endog teh kudu campur madu. Ahirna manehna beger deui! Iraha nyileungleumna, nya?


ASUP ANGIN
Adut: "Ilaing ku naon, Men?"
Emen: "Teu ngeunah awak, euy. Sirah rieut, awak muriang. Jigana mah asup angin."
Adut: "Oh, dikerokan atuh asup angin mah, ngarah tereh cageur."
Emen: "Dikerokan mah geus dua kali, tapi angger awak asa tariris, muriang."
Adut: "Ari kitu, make naon ngerok tonggongna?"
Emen: "Nya make duit benggol!"
Adut: "Eueuh ... paingan atuh ari kitu mah. Kuduna mah ngerokna make duit lambaran lima puluh rebuan anyar. Moal gagal, pasti gancang cageur geura!"
Emen: "Kutan ...?"
RAHAYAT LEUTIK
"Para pajabat, unggal pidato teh ngajak ka urang sangkan menyatu," ceuk Dodot.
"Memang kudu kitu," ceuk Oyot.
"Lieur nu puguh mah ... Menyatu ... menyatu ... Mana dahareunana?"
Oyot melong bari ngahuleng.

UPRAT-APRET
Di Sakola Taman Kanak Kanak, Ibu Guru keur ngawurukan murid-muridna.
"Anak-anak kalau makan di rumah jangan selalu disuapin oleh orang tua, tapi harus bisa makan sendiri, ya!"
Salah saurang murid nu rada wanteran ngacungkeun leungeun.
"Ada apa, Nak?"
"Tapi Bu, kata Mamah kalau makan sendiri teh suka uprat-apret."

SPION
Si Ali anteng ngoprek motor nu mogok, keur kitu jol Si Oray.
"Keur naon Li siga nu sibuk?"
"Ieu Ray motor mogok teuing naonana!" ceuk Si Ali.
"Ke ... ke ... ke ... sigana bengsinna teu naek ieu mah!" Si Oray mairan.
"Naek kana naon?" ceuk Si Ali bari kerung.
"Enya naek kana spion!" tembal Si Oray bari ngaleos.
"Euh ... jurig teh hanas dibandungan," Si Ali kukulutus.

OVER DOSIS
Bapa: "Si Ujang ka mana?"
Ema: "Aduh Bapa, tulungan. Si Ujang teh over dosis. Tuh di kamar teu usik-usik!"
Bapa: "Hah, na ngadahar naon?"
Ema: "Dahar sangu loba teuing."
Bapa: "Lain over dosis nu kitu mah atuh ... kamerekaan. Dasar budak gembul!"


PANGALAMAN NGAJAR
"Kumaha pangalaman basa mimiti ngajar basa Inggris teh?" Pupung nanya.
"Ti mimiti oge, murid-murid teh geus bisa seuri. Basa kadua kali ngajar ge, sarua bisa seuri ku dewek teh," cekeng teh.
"Wah, hebat atuh."
"Hebat naonana? Basa mimiti pisan mah lain seuri pedah kuring pinter ngajar, tapi ... nyeungseurikeun kuring nu luut-leet kesang, ngeleper, sora nyoroscos gancang teuing ..."

LEBE
Ki Lebe: "Poe tadi mah tugas teh mani cape pisan. Atuda ngawinkeun limabelas pasangan, bari dumukna di lembur nu beda. Aeh, ngawinkeun genepbelas pasangan ketang!"
Mang Haji: "Cenah nyarios nu ngawitan tujuhbelas pasangan! Kumaha ari Ki Lebe?"
Ki Lebe (ngaharewos): "Pasangan nu ka tujuhbelas mah ... Uing kawin deui. Peuting ieu rek bulan madu."
Mang Haji: "Nyaan? Kacipta capena!"


KACA SPION
Momon: "Ku naon gegetret wae maneh teh, jiga nu bingung?"
Dudung: "Kaca spion mobil Pa Suta aya nu maling. Haduuuh ..."
Momon: "Nu kaleungitan batur, naha maneh nu bingungna?"
Dudung: "Eeeh ... dengekeun geura. Kaca spion mobil Pa Suta teh paranti dewek ngeunteung mun apel ka pembantuna!"
Momon: "Teuing atuh ari kitu mah!"
Deddy Mulyadi - Bangbayang

KERJA BAKTI
Dodo: "Minggu isuk kerja bakti."
Edoy: "Apan enggeus kerja bakti di Rw mah minggu kamari. Meresihan saluran air, lin?"
Dodo: "Enya. Tah minggu isuk mah meresihan wc."
Edoy: "Ey, di mana?"
Dodo: "Wc di imah kuring!"
Edoy: "Pek we ku sorangan!"


SEKSI
Daro: "Tenjo euy, aya awewe seksi ngaliwat!"
Didi: "Awewe seksi nanahaon, bitisna ge jiga tukang beca!"
Daro: "Maksud kuring ge awewe seksi keamanan!"
Didi: "Tah, teuing mun kitu mah!"


ASIN
Guru: "Cik, sato naon nu sok ngendog?" Toto: "Hayam." Titi: "Meri." Tata: "Asin." Guru: "Asin ...? Sato asin?" Tata: "Muhun. Geuning aya endog hayam, aya endog meri, aya oge endog asin!" Guru gogodeg bari mesem.


KAHURUAN
"Naon nu nyababkeun kahuruan?" tanya wartawan.
"Penyebabna keur ditalungtik," jawab pulisi.
"Penyebab kahuruan mah teu kudu ditalungtik sagala. sabab geus pasti ... seuneu!" Noni nyeletuk.


SARS
Nano: "Ni, ari mimitina SARS teh kumaha, mani dipikasieun ku balarea geuning?"
Neni: "Budak SD oge nyarahoeun atuh mimitina SARS mah!"
Nano: "Kumaha?"
Neni: "Mimitina SARS mah nya eta ... S!"
Nano: "Bedul teh!"

DOKTER
Aan: "Dokter nu sok mariksa anak, disebut dokter ...?"
Iin: "Dokter anak."
Aan: "DOkter nu mariksa kandungan disebut dokter ...?"
Iin: "Dokter kandungan."
Aan: "Dokter nu mariksa jalma gelo ..."
Iin: "Dokter gelo!"

BOBOGOHAN
Nyai: "Cik sing jujur, Kang. Kabogoh Akang teh abdi atawa awewe nu itu?"
Akang: "Sumpah, kabogoh Akang mah Nyai."
Nyai: "Ari awewe nu itu?"
Akang: "Eta mah ... pamajikan Akang!"
Nyai ngalenggerek.

HITUNG DAGANG
Wartawan: "Basa judi Togel bade diberantas, naha Bapa sabage pangusaha obat-obatan teu satuju kalayan ngajukeun surat protes sagala?"
Pangusaha obat: "Piraku saderek teu apal. Apan ari nu ngodeu teh sok lalieur mastakana. Ari nu lieur tea sok tuluy meser obat lieur, lin? Cobi, upami Togelna diberantas, otomatis nu jalangar baris ngurangan, alatan teu ngarodeu tea. Pon kitu deui, nu meser obat lieur baris ngurangan. Ka dituna mah ... pangusaha obat lieur moal henteu baris bangkrut!"
Wartawan: "Kahartos atuh ari kitu mah."

KA BULA KA BALE
Adun: "Don, cing naon hartina dina babasan kabula kabale?"
Odon: "Mun teu salah eta teh pihartieunana misalna dina hal pagawean anu hade anu goreng osok dipilampah bae."
Adun: "Pinter, maneh mah euy. Paingan atuh di dinya mah ibadah dipaju atuh kana kalakuan anu dilarang ku agama oge dipigawe."
Odon: "Kumaha uing we atuh euy."

Politikus
Pa Dede bangun reueus nembongkeun incuna nu orok keneh. "Wah, Pa. Ditingal tina sorot panon mah pigagaheun, aya bakat janten jendral geura," Pa Momo muji. "Pananganana mani parigel kitu, sigana mah kana bisnismen nu kieu mah," Pa Yoyo mairan. "Salah kabehanana ge," tembal Pa Dede. "Tingal geura, najan geus ngompol ge angger we sura-seuri teu euleum-euleum, nu kieu mah, jagana teh bakal jadi ... politikus!" Nu ngadenge sareuri.

PUTRA JENDRAL
Jang Isud wawanohan jeung hiji lalaki, basa manehna keur kukulintingan di kota.
Isud: "Dupi linggih teh di mana?"
Joni: "Abdi di Jalan Pahlawan."
Isud: "Oh, putrana Jendral panginten nya."
Joni: "Ke, naha?"
Isud: "Apan pahlawan."
Joni: "Kumaha dinya bae..."
Persib

Hayam: "Cing Ung, kunaon eleh wae Persib teh?"
Maung: "Nya heueuh...! bulu aing dijual ka bule!. Kawalat siah!"
Hayam: "Ari kitu?"
Maung: "Aing jadi kieu!?....paehan sakalian atuh!"
Beurit: "Eudeuh-eudeuh...."

TUGAS

Adun: "Don, tugas uing tepi ka ayeuna teh geus tilu puluh opat taun lilana. Ku kituna uing mah rek istirahat we lah!"
Odon: "Meureun, meunang pangsiun nya ari pangalamanana geus puluh-puluh taun kitu mah."
Adun (bari nyerengeh): "Nyeta, hanjakalna teh teu meunang pangsiun euy ... da ... pangalaman tilu puluh opat taun soteh ngurus anak pamajikan. Tah anu pangpandeurina teh ... ngawinkeun anak anu bungsu tea. Beres we."
Odon: "Si, sugan teh pangalaman digawe, siah."

BLEK
Kabayan: "Bener, nya, basa Inggris jeung basa Sunda, mani lalawanan pisan."
Nolednad: "Lalawanan kumaha?"
ŠKabayan: "Kecapna sarua tapi hartina mani beda pisan."
Nolednad: "Kecap naon?"
Kabayan: "Kecap 'blek'."
Nolednad: "Hartina?"
Kabayan: "Dina basa Inggris mah blek teh hartina hideung."
Nolednad: "Ari dina basa Sunda?"
Kabayan: "Dina basa Sunda mah blek teh hartina ... bodas."
Nolednad: "Ceuk saha blek hartina bodas?"
Kabayan: "Ceuk bukti! Buktina, unggal uing ka warung meuli kurupuk blek, unggal dibere kurupuk bodas. Jadi jelas, ari blek teh hartina bodas!"

HIKMAH
Uduy: "Geuning jaman moneter teh gede hikmahna. Loba bakat terpendam anu kagali."
Abun: "Contona?"
Uduy: "Anak kuring contona. Bakatna kagali ... bisa nyanyi di parapatan jalan raya."
Irvan Gemilang


GELO
Anak Pejabat: "Pih, ari nu disebat jalmi normal teh nu kumaha?"
Pejabat: "Nu bisa ngabedakeun mana nu bener mana nu salah."
Anak Pejabat: "Ari kitu mah Papih teh gelo atuh nya?"
Pejabat: "Naha?"
Anak Pejabat: "Da lamun Papih normal mah moal korupsi!"
Pejabat (ngagerentes): "Enya kitu aing teh teu normal ...?"

Ngarah Jangkung

Neneng: "Lamun hayang jangkung kudu kumaha, nya?" Herlina: "Cobaan we ngurab iwung." Neneng: "Pernah eta oge nyobaan, tapi asa angger wae." Herlina: "Euh, mun kitu mah geus teu mempan sigana." Neneng: "Jadi kudu kumaha?" Herlina: "Ayeuna mah, cobaan we ngurab pager, ari iwung geus teu metu mah!" Neneng: "Maneh mah, hanas rek diamalkeun."
Bogoh Ka Vespa

Jaman ayeuna mah loba 'cekom' alias 'cewek komersil'. Teuing saha nu ngamimitian mere istilah kitu. Tapi teu salah-salah teuing.
Harita keur di rental komputer. Kurunyung Si Encep datang naek vespa. Tuluy ka jero. Teu pati lila, jam kursus komputer anggeus, barudak awewe nu kursus kalaluar. ABG keneh, kakara SMU kelas dua.
Kuring keur ngobrol jeung Si Encep di luar. Barudak awewe langsung tinglalieuk kana ... vespa antik Si Encep.
"Vespa saha eta, A?" Neneng nanya ka kuring.
"Ieu teh, nu A Encep," kuring nuduhkeun.
"Ku naon kitu, Neng?" Si Encep ngaheureuyan. "Bogoh ka vespa abdi? Sok wae ... tumpakan!"
Si Neneng langsung jamedud.



ala sunda 2

Jam Karet

"Ari jam bicara teh naon, euy?"
"Jam bicara?"
"Enya. Geuning dina plang dokter sok aya tulisan ... jam bicara ..."
"Euh, atuh eta mah hartina teh jam karet."
"Jam karet kumaha?"
"Sok we, di mana-mana oge lamun dina plang ditulis jam bicara: 16.00 - 20.00, hartina dokter teh ngamimitian praktekna jam 18.00 atawa paling cepet jam 17.00,"
"Har, kapan ari jam 16.00 teh hartina jam opat sore, lin?"
"Heueuh nu matak disebut jam karet tea oge!"


Raja Rimba

Murid: "Bu, ngadongeng!"
Guru: "Heug, urang ngadongeng Si Raja Rimba, nya?"
Murid: "Alim, alim ngadongeng Si Raja Rimba."
Guru: "Naha?"
Murid: "Teu rame, margi Raja Rimbana tos ka Nusakambangankeun!"
Guru ngahuleng.


Abong Nu Gelo

Di rumah sakit jiwa Si Ibro ngajak babaturanana anu sarua keur dirawat di rumah sakit jiwa ngojay. Lantaran teu bisaeun, babaturanana mah tikerelep, untung kaburu katulungan ku Si Ibro tea, dibawa ka darat. Lantaran geus boga jasa nyalametkeun babaturanana, Si Ibro dititah balik. Tapi basa dititah balik teh embungeun, lantaran keur nungguan heula babaturanana anu ditulungan tea keur dipoekeun heula ku cara digantung, pokna teh meh tereh tuhur cenah.


Husu

Waktu taraweh katujuh peutingna kopeah aya kana lima kalina murag.
Uned: "Ku naon Pa kopeahna ragrag bae?"
Kuring: "Puasana husu Pa."
Uned: "Naon hubunganana sareng husu puasa?"
Kuring: "Bakat ku husu sirah ge abdi mah ngabegangan."
Uned: "Manawi teh, muhun nya dugi ka teu aya dagingan!"

Remen Teuing
Entus: "Eta mah da beubeureuh, waktos apel munggaran sakantenan dikintun kembang, da mani guligah katingalna teh. Atuh apal oge janten romantis."
Anay: "Nya pasti atuh, da kembang mah tandana cinta."
Entus: "Apel anu saterasna, ngahaja dikintun deui kembang. Ngawitan tah katingal robih."
Anay: "Beuki geugeut nya?"
Entus: "Bujeng-bujeng, nu puguh mah kalah ka ngambek. Pajarkeun teh mani disasamikeun sareng nyekar ka kuburan, cenah."
Anay: "Ih ..."

Mun Caah

Sadut: "Udunan euy, udunan ...!"
Sanen: "Udunan jang meuli naon, Dut?"
Sadut: "Meuli bal palastik!"
Sanen: "Mengbalna di mendi? Apan di urang mah lapangna oge geus salin rupa jadi perumahan?"
Sadut:" Belet-belet teuing ari maneh. Engke mun caah, urang maen polo air!"
Sanen: "Hah, enya!"

Balatak

Adun: "Don, basa aya gelap kamari ieu, aya sababaraha hulu ... tinggorolong cenah anu beunang."
Odon: "Di lembur mana euy?"
Adun: "Di lembur Situ Bunjali geuning anu rea tangkal kalapana."
Odon: "Jadi ... hulu kalapa nya anu balatak teh."
Adun: "Heueuh, euy."
Ketir
Entus: "Lah teuing, kumaha atuh nya?"
Ocay: "Ku naon?"
Entus: "Bingung kuring teh. Mun sakalieun manehna dipake da kuat ka ngajerit matak katorekan ceuli. Tapi lamun teu dipake, geus pasti digantung."
Ocay: "Euleuh, mani matak kalaletir kitu, nya. Ari kitu naon?"
Entus: "Eta, eu ... piriwit barudak Pramuka."
Ocay: "Ih, kasebelan!"
SORA TIPI PAREUM

Saerte keur ngariung lalajo mengbal dina tipi.
Ujang: "Kumaha ari sorana tipi pareum?"
Asep: "Blep-blep, blep. Kitu nya?"
Ujang: "Lain!"
Asep: "Reup atuh?"
Ujang: "Lain keneh."
Asep: "Kumaha atuh?"
Ujang nyokot remot, terus mareuman tipi. Nu lalajo: "Eueueuhhh!" Ujang: "Tah kitu sorana tipi pareum teh."
Asep: "Si eta mah ...!"
SALAH CEURIK
Saurang lalaki nu anyar pisan ditinggalkeun maot ku pamajikanana ceurik sesenggukan di makam bari ngingetan kabagjaan anu kungsi kaalaman babarengan.
"Tos atuh Kang, teu pantes lalaki ceurik di kuburan," ceuk saurang lalaki.
"Ari enggeus kuring kudu ceurik di mana?" pokna.
"Ari saleresna nu ku Akang diceungceurikan teh naon atuh?"
"Kuring bingung, engke peuting rek jeung saha sare?"
"Tapi Kang, Akang kedah emut, kuburan anu ku Akang diceungceurikan teh, eta mah makam pamajikan kuring ..."
"Hah ...?"


MOJANG KUPER

Rahmi teh mojang bodo, eraan jeung kurang gaul, sapopoena ukur mereko bae di imah. Umurna geus nincak 25 taun, tapi lalagasan keneh. Eta oge nu bogoheun mah aya nya eta Cep Rojak.
"Mi, ari maneh iraha aya karep boga salaki? Ku naon pangna maneh siga nu tiis kitu? Naha maneh teh aya kahayang anu tacan kalaksanakeun? Pok kedalkeun hayang naon maneh teh?" ceuk indungna.
Bari tungkul tur semu asa-asa, Rahmi ngawalon laun pisan, "Leres Ema abdi teh aya kahoyong. Upami ningali ibu-ibu anu ngais orok teh katingalina siga resep pisan. Abdi oge asa kabita hoyong gaduh orok. Nya abdi kedal jangji dina ati, yen moal waka nikah saupami kahoyong abdi, nya eta gaduh orok tea teu acan kalaksanakeun," tembalna.
"Aduh dasar jalma kurang gaul, na atuh bodo teh beakeun ku sorangan Rahmi! Untung nyaritana ka Ema. Keun minggu hareup ge dikawinkeun maneh teh ka Cep Rojak ari hayang boga anak mah," ceuk indungna bari gogodeg. Sedeng Rahmi ukur olohok, teu ngarti.


KAMALINAAN

Ceu Mumun: "Yeuh Ceu, taun puasa kamari mah Si Eon ari ngabuburit teh sok kamalinaan. Indit isuk-isuk keneh, ari balik ka imah bada isa. Kituna teh unggal poe."
Ceu Mimin: "Mending keneh balik bada isa mah. Anak Ceuceu mah Si Entis geura, indit ngabuburina teh poe mimiti puasa, balik-balik malem takbiran!"
Ceu Mumun: "Ullluuuh ...!"


DIBAGI RAPOT

"Ma, taun ayeuna mah dibagi rapot teh bulan Desember."
"Naha Sujang?"
"Da digentos sistimna ge."
"Son sistim mah di Mang Gandi, lain di dieu Sujang."
"Sanes Ma, maksad abdi mah digentos janten semester."
"Ngan jadi samester, nya?" ceuk indungnabari bingung.


MONUMEN

Tatan: "Boga rencana kuring teh. Mun diparengkeun boga duit loba rek ngabangun monumen hiji jalma nu pangsohorna sa Jawa Barat."
Titin: "Saha?"
Tatan: "Si Kabayan!"


BARAREDA

Jaman baheula mah pararuguh pakasaban teh. Tukang macul, anemer, guru, tani jeung rea-rea deui. Jaman ayeuna mah beda deui. Geura we, aktivis LSM, instruktur pelatihan, pamerhati lingkungan, pengamat sosial. Nu panganehna mah pagawean ... sarjana! Lieur pan?


LUDEUNG

Hiji peuting, Si Maman jeung Si Momon keur ngobrol di buruan imah Haji Somad, guru ngaji maranehna.
Si Maman: "Mon, uing mah ludeung balik sorangan oge ayeuna mah."
Si Momon: "Wah, bener?"
Si Maman: "Bener! Bisi teu percaya mah tuturkeun we geura!"
Si Momon ngahuleng.


UDUD

Isuk-isuk Si Kabayan keur ngopi, ngan teu bari udud da rokona euweuh. Si Kabayan ngageroan anakna.
"Sujang! Pangmeulikeun udud yeuh, Bapa hayang udud pisan. Tah duitna. Ke mun aya pulangan, keur maneh pulangna."
Anakna ngaleos rek meuli udud. Teu lila geus datang deui.
"Pa, ududna euweuh, aya ge roko. Rek dibeulikeun kana roko teh da Bapana bisi embung. Duitna teu dipulangan da dibeulikeun kana surabi jeung goreng dage."
Si Kabayan jamedud. Dasar turunan.


POHO

Bubun: "Kuring mah unggal dahar di restoran, pasti balikan digarebugan Satpam."
Bibin: "Naha?"
Bubun: "Mun geus daharteh sok poho mayar!"
Bibin: "Eeeh, ayyya nu kitu!"


DOMBA ADU

Kelompok di luhur keur rame ngagunakeun pulitik adu domba. ð 7 �3 �Š
Salah sahiji kelompok beda ti nu sejen. Maranehna teu make pulitik adu domba, tapi make pulitik domba adu.
Mundur, mundur, mundur ... Maju ... jedak weh!


MANDEG MAYONG

Ti mimiti indit nepi ka anjog ka lawang panto Bank hate teh mandeg mayong. Niat ti imah teh rek nambahan tabungan di Bank. Dipikir deui ... hutang bayareun. Ahirna mah lain nabung, malah kabeh tabungan dicokot keur mayar hutang, kitu ge diitung-itung teh teu cumpon.
"Keun bae ah, nganjuk deui we ka rentenir keur nabung di Bank mah," cekeng.
Dasar jalma lieur!


CANDI
Meunang hadiah duit tina lomba ngarang, mani bungah. Biur piknik ngadatangan candi-candi. Indit ka Candi Borobudur, Candi Prambanan, Candi Mendut jeung candi-candi sejenna nu aya di Jawa. Ti dinya biur ka Garut, ka Candi Cangkuang. Mulang ka Bandung, langsung ka pemangkas rambut, inget ... candi cukur.


BERTANDING

Ucup: "Urang bertanding, yu ...!"
Adut: "Bertanding naon?"
Ucup: "Pagede-gede hutang!"
Adut: "Ih, dasar si gorim!"


LUMAYAN

Basa nyanghareupan pere sababaraha poe ka tukang, keur Abah Kabayan mah kacida bingungna, untung di lembur aya kagiatan kerja bakti nembok jalan atuh hate teh kaubaran, pan lumayan bisa milu ngopi-ngopi bae mah bari haratis.

TEU DATANG

Basa rek miang, Pa Amir papagah heula ka rencangna nu anyar. "Bi, bisi engke Pa Kosim datang, bejakeun kuring keur ka dokter heula kituh nya. Sina nungguan we, nya." "Mangga Juragan," cenah, "Tapi upami Pa Kosim teu sumping, abdi kedah nyarios kumaha?"
DOKTER

Kardun: "Dokter di deukeut imah dewek mah hebat, euy. Lamun aya pasen teh tara ditanyakeun heula panyakitna, cukup ditingali sakeudeung, ah da gejos we langsung disuntik!"
Ibro: "Wah, piraku teu ditanya-tanya acan?"
Kardun: "Bener, sumpahna ge!"
Ibro: "Teu kudu sumpah lah! Naha loba pasenna kitu?"
Kardun: "Nya loba atuh, aya ucing, monyet, gogog ..."
Ibro: "Pantes atuh teu ditanya-tanya acan ge da pasenna golongan kunyuk rawun wungkul euweuh nu bisa nyarita!"


HEUREUY

Odon: "Dun, ari maneh cageur atawa gering, uing mah teu ngarti naha eta beungeut make dicurang coreng ku areng sagala, siga tentara anu rek latihan peperangan bae?"
Adun: "Kehed, dewek teh lain dicurang coreng ku areng siah. Apan kasebrot gas beungeut dewek teh!"
Odon: "Ooh, hampura atuh euy, panyana teh heuheureuyan we."


UNTUNGNA NGARANG

Kauntungan tina ngarang teh loba mun ditataan mah. Meunang honor mah geus puguh. Dibere majalahna ongkoh lamun karanganana kaitung gede, carpon upamana. Jadi ngetop, buktina loba nu ngajak kenalan ka kuring ge, najan lolobana barudak SMP nu keur meumeujeuhna resep susuratan.
Embohna ... rabul nu ngajak arisan berendel!


LARI PAGI

Harita lari pagi poe Minggu teh sosoranganan da pada ninggalkeun ku babaturan sakosan. Atuh basa rek inditna ge rurusuhan nepi ka ngajewang anduk leutik elap kesang ge teu ditingali-tingali acan, langsung we disampaykeun dina taktak. Ngan edas waktu geus rada caang unggal nu pasangrok pasti keom. Tadina mah teu curiga, ngan waktu diuk ngareureuhkeun cape bari rek nyusut kesang, ari gebeg teh, sihoreng anu ti tadi nangkring na taktak teh lain anduk leutik tapi BH-na ibu kost.


BASA HAJAT

Entus: "Kumaha muka praktek ngobatan tradisional teh, aya kamajuan? Loba pasenna?"
Ocay: "Dina sasih awal mah, teu aya tamu pisan Kang."
Entus: "Ari ayeuna?"
Ocay: "Sakinten ayeuna mah. Rata-rata dua atanapi tilu tatamu mah tiap dintenna."
Entus: "Kungsi ngambreg leuwih ti kitu?"
Ocay: "Kantos. Harita teh kana saratus tatamuna, ngambreg sawaktos."
Entus: "Iraha tah?"
Ocay: "Waktos abdi nyepitan Si Jalu."
Entus: "Ih ..."


GUDANG PANYAKIT

"Panyawat naon anu tumerap ka caroge abdi teh, Dok?" ceuk pamajikanana nu nganteur salakina berobat.
"Ah, henteu, teu abot."
"Henteu abot, Dok?"
"Muhun, malih mah kaetang ringan."
"Naon panyawatna kitu, Dok?"
"Kanker, tumor, tbc, liver, jantung, disentri, kolera ..."
"Hah ...?"


SARUA KENEH

Dadan: "Digawe di Jakarta, gajih dua juta sabulan. Tapi tetep teu mahi!"
Deden: "Nya ... mending di Bandung, gajih sabulan sajuta bari jeung ..."
Dadan: "Bari jeung naon?"
Deden: "Enya, bari jeung teu mahi."
Dadan: "Dasar seblu maneh mah!"


AKI VS INCU

"Ki, acuk sareng lancinganana mah kanggo lebaran teh entos dipangmeserkeun ku Mamah. Kantun sendalna anu teu acan teh. Tah ayeuna Ujang pangmeserkeun sendalna ku Aki," ceuk incuna basa ulin ka imah akina.
Malum akina pedit tea, batan mere anggur morongos, "Meunggeus, teu makesendal oge meujeuh lebaran mah! Anggur tuh pangnyokotkeun sarung jeung calana dina gantar, Aki arek taraweh ka masigit!"
"Jung bae arek taraweh mah, Ki, sugan meujeuh teu make sarung jeung calana oge!" ceuk incuna bari ngaleos ka imahna.


NGUBUR MAYIT
Lia: "Teh Tatat, wengi mah abdi mani sieun."
Tatat: "Aya naon kitu?"
Lia: "Wengi teh abdi ka jamban da hoyong kahampangan, ari wangsul ti jamban kakuping sora aya nu macul. Ari ditingal tina hordeng muhun we di payuneun bumi Teteh aya nu macul siga nu nuju ngubur mayit."
Tatat: "Ah, piraku nu ngubur mayit sambarangan?"
Lia: "Hor ari Teteh, teu percanten. Tuh tingali tilasna ge," (bari nuduhkeun urut nu macul ti peuting tea).
Tatat: "Ooh, eta? Eta mah wengi teh Kang Yana uih piket newak beurit terus dipaehan. Tos paeh nya dikubur di dinya."
Lia: "Ah, si gelo mah, sugan teh nu ngubur mayit."


PEJABAT

Wartawan: "Numutkeun pamendak saderek. Pejabat ayeuna sareng kapungkur naon bentenna?"
Sastrawan: "Sami."
Wartawan: "Sami kumaha?"
Sastrawan: "Sami ... beurat nyuhun beurat nanggung ... susah ngabeubeutkeunana!"
Wartawan kerung.


BUDAK PINTER

"Urang ngaliwet bari itung-itung ngabuburit, yu!" ceuk Entu ka Oni, Abung jeung Arif babaturan ulinna.
"His, ulah ngaliwet pan karek oge jam sapuluh beurang! Batal puasana!" ceuk ninina bari norojol ti imah.
"Har ari Nini, pan saur Pa Ustad Sidik dina kuliah subuh oge anu ngabatalkeun puasa teh aya opat perkara. Tina opat eta teu kasebut yen ngaliwet matak ngabatalkeun puasa. Sugan Nini mah tara mirengkeun kuliah subuh, nya?" tempas Entu.


Obat Kuat

Teuing pedah naon manehna sok disarebut Si Juhe. Sajauh-jauh tina Asep Komar jadi Juhe. Teu elingna, manehna ge sok ngambek mun digentraan Asep Komar diimplik-implikan make Aden mah. Keun sual ngaran, da geuning jaman kiwari mah loba nu kitu. Eta pangawakanana, apanan Si Juhe mah sed meueusan ti tangkal jambe.
Kitu lah nyongcorang. Tapi kana barang tuang mamayu taya usumna. Araraneh puguh oge, ari barang dahar rewog tapi teu jadi daging.
Ari sakolana, Si Juhe mah milih eureun sakola kelas lima SD. Basana, sakola kudu mayar. Antukna Si Juhe jadi 'pemikir', ngan mikirna teu jeung jeujeuhan, puguhanan manehna mah mikir rek nipu batur keur kasugemaan dirina.
Mimiti ngulik cara nipu hayam. Teu hese, da geus nyampak di balarea, enya nyimpen tiir siki jagong kulub kana pincuk daun cau. Si Juhe mani ngelay-ngelay we seuri nempo hayam Haji Udin talag-tolog lulumpatan sagala ditabrak da kahalangan pincuk jagong.
Sakses nipu hayam, Si Juhe uleng deui mikir kumaha carana nipu ucing. Basa manehna ngahekok nyanghareupan sangu pulen jeung pais lauk emas, lenghoy Si Mawar ucing bogana Mang Karma. Si Mawar kumetap, angot basa Si Juhe nyimpen cucukna dina piring mah, terus huluna, da dagingna mah dihanca ku Si Juhe. Si Mawar nyangka, cucuk rek disidkohkeun ka manehna. Na atuh ari rengse bibilas, cucuk lauk ku Si Juhe kalah dituruban baskom, Laju ditindihan coet batu. Teu kalis kitu, gutrut nulis: "Dilihat boleh, dibuka jangan!" Heueuh da Si Mawar teh lulusan UPI nyah?
"Hayam jeung ucing ge sakitu sobarna ditipu ku aing. Cikan rek ngajaran nipu jelema." gerentes Si Juhe gede harepan.
Di pasar Si Juhe jojorowokan natawarkeun obat nu ceuk manehna mah obat kuat cenah.
"Saderek loyo, 'si ujang' teu nguniang, ulah diantep enggal landongan. Tah ieu obat kuat!" ceuk Si Juhe bari ngacung-ngacung obat nu taya lian ukur godogan cai herang biasa diwadahan kana toples.
Puguh we nu ngaraliwat di pasar rabul nyalampeurkeun tukang obat anyar, nyatana Si Juhe. Ngadenge loyo jeung 'si ujang' teu hudang nu araya, pangpangna kolot, surti, yen obat nu dijual ku Si Juhe bisa nyageurkeun panyakit lalaki sabangsa impotensi.
Puguh we Mang Abud, Kang Dudi jeung Bah Oyo haripeut pisan.
Tiluanana ngaborong obat ti Si Juhe, mangkaning satoples dijual dua rebuan. Teu panasaran meureun karoroncodan ge da hasilna baris nyugemakeun. Na enya kitu? Emprona mah, angger we teu ngarobah nanaon. Matak karunya puguh ge, Mang Abud meh-mehan ngaragragkeun talak da cenah dihina beak karep ku Bi Icih. Nya kitu deui Kang Dudi jeung Bah Oyo katut nu sejen-sejenna, ngarasa ditipu ku Si Juhe.
Sarerea sapuk rek menta tanggung jawab ka Si Juhe.
"Kehed ngadon nipu siah!" Mang Abud ngagidir, bari nyered Si Juhe ka kantor RW.
"Bebek, duruk, tuman!" ceuk nu sejen.
"Ke heula euy, sabar!" Pa RW ngahulag.
"Ari maneh nanaonan kitu peta Juhe?" Pa RW papariksa.
"Kitu peta kumaha ari Pa RW?"
"Enya nipu jelema?"
"Daek beunghar kuring mah teu nipu!" Si Juhe ngangles.
"Teu nipu kumaha, ceuk maneh saderek loyo, 'si ujang' teu hudang, enggal landongan. Tah ieu obat kuat!" Mang Abud gancang ngajentrekeun.
"Nya memang kitu pisan. Lebah mana kuring nipuna?"
"Dewek meuli obat lima ples sapuluh rebueun dileguk sakaligus. Sugan heueuh bisa ngahudangkeun 'si ujang'. Buktina angger w



bodor sunda part2



Bodoran Sunda

DASAR BUDAK BADEUR
Kira-kira satengah jam katukang, si Odih dititah meuli korék api ka warung babah Ho Liang ku indungna, tapi si Odih can kénéh balik. Indungna melang kacida, terus nyusul anakna.
Si Odih kapanggih keur diuk di handapeun tangkal hanjuang deukeut leuitna nini Océh.
Indungna : " Ka mana baé manéh téh ku lila-lia teuing dititah téh ?!"
Si Odih : " Kapan dipiwarang mésér korék api lima dus ku ema. Korék apina ku Odih
dicobian heula. Sadayana saé tiasa hurung.Tuh kantun satengah dus deui anu
teu acan dicobian".
Indungna : " Hah ??, kunaon manéh téh Odih, aing salah maraban kitu ?. Kunyuk, lutung
siah !!!!!"
Dasar budak rada bengal, si Odih kalahka berebet lumpat, bari ngawih katingali biwirna mani manyun miheulaan irungna anu dempés: " Tung lutung buntung, nu udud surutu, surutu buntung tujuh puluh bungkus, lutung nyundut tuur kunyuk, kunyuk nyuksruk kukurusuk, tuluy, tuluy, tuluy nyundut, nyundut tuur kunyuk ........ " Manyun nih yeeh !

Soto Campur
" Mang soto hiji...campur..!" saur om Teddy ka tukang soto
" Mangga den..!" waler tukang soto gura giru ngaladangan...sor diasongkeun ka si om Teddy...habeug...dihimel semu nu nikmat...ngan waktu nek ngahuapkeun soto panungtung...om Teddy ujug ujug bunceulik molotot kana mangkok ..terus ngagorowok ka tukang soto.
" Sing baleg euy jualan soto teh....tah deleh aya laler hejoan..!"
" Oh...aya laler hejoan..tong bendu atuh den..namina ge soto campur..nya campur naon we sakapendakna." walon tukang soto teu kireum kireum
MANUK BÉO
Bu Satro resep pisan kana manuk, sagala rupa manuk jadi koléksina.
Hiji poé aja nudatang nawarkeun manuk béo kamanéhna.
Tukang manuk : " Bu ieu manuk pinter ngomong, ngan ngomongna rada kasar
jeung sakapeung rada jorang, maklum sapopoéna hirup di
imah germo".
Ibu Sastro : "Ah, teu nanaon mang. Nu penting manukna cerdas. Engké ku Ibu
di ajar ngomong nu alus ".
Kacaritakeun manuk téh jadi dibeuli ku ibu Sastro, diteundeun di téras imah di hareup.
Waktu soré anakna bu Sastro daratang hiji-hiji balik ti sakola. Si manuk wantér pisan, terus bacéo ka unggal anak bu Sastro nu datang..
Manuk : " Hallo. Kenalkan saya Susi. Siapa kamu ?".
Kabéh nu aya di imah bu Sastro resepeun pisan ka béo wantér éta.
Wanci peuting pak Sastro datang balik ti kantorna. Si manuk tuluy ngomong.
Manuk : " Hallo, mas Sastro. Apa khabar, sudah lama tidak datang, kemana
saja, ada yang baru yah ? "
Bu Sastro panonna molotot, teu asa-asa deui merekpek pa Sastro.

Lini
Si Oded karek umur tilu taun sarena masih ngagulung jeung indungna...hiji mangsa manehna nanya ka indungna.
" Ma...upami bapa uih nyaba kunaon sok kaleresan aya lini ?"
" Keur usum lini meureun !" jawab indungna pondok
" Minggu kamari basa bapa kenging tilu dinten dilembur, eta lini meni noron kitu nya ma...wengi kahiji 5,5 skala ritcher, wengi kadua 6,5 skala ritcher, komo wengi katilu mah basa bapa enjingna bade nyaba deui, euleuh etah dugikeun ka 7,5 skala ritcher...sareng subuhna aya lini susulan langkung rongkah...hiih oded sieun aya lini deui ma...!"
" Hayang teu diganggu lini deui...oded ?"
" Hoyong pisan ma...!"
" Tah engke lamun bapa hidep datang, sarena pindah dikamar sejen nyah!"
" Oh mun kitu mah lini teh balad si bapa...hiih..sieun !" gerentes si oded bari bibiri
SATENGAH METER
Si Isah téh randa boga anak dua. Manéhna boga sobat medok sarua randa anak opat jadi TKW, ayeuna geus jadi pamajikan supir urang Arab badwi di Saudi.
Sobat si Isah kerep ngirim surat ka si Isah, nyaritakeun yén ngeunah jadi pamajikan urang Arab mah masing geus anakan opat di lembur ogé, tapi asa jadi pangantén anyar deui cenah.
Si Isah jadi rada kapangaruhan, tuluy bobogohan jeung wan Abud tukang kiridit keliling désa nu katelah pelit.
Dina wakuncar nu munggaran, wan Abud siga biasana maké baju terusan (gamis) ala Arab. Teuing kumaha caritana, sakali mangsa onta wan Abud ngintip. Atuh si Isah ngarénjag, tuluy nyarita : " Yeuh wan Abud. Masing pelit ogé, ulah teu di calana jero atuh".
Wan Abud surti. Minggu hareupna dina wakuncar nu kadua, wan Abud geus maké calana jero. Lantaran hujan ngaririncik ti bada Asar kénéh, atuh wan Abud hayang ka cai heula saméméh diuk di korsi tamu, sigana mah ontana katiisan.
Kulantaran kabiasaan teu maké calana jero, wan Abud poho kana calana jerona nu disampaikeun dina tukangeun panto kamar mandi. Kaluar ti kamar mandi, terus ka kamar tamu.
Si Isah nanya : " Hey wan Abud, geus maké calana jero ayeuna mah ? "
Wan Abud : " Atuh puguh wé néng, geus meuli samétér, tuluy dikaput", bari ngangkat gamisna nu maksudna ningalikeun ka si Isah yén geus maké calana jero, wan Abud neruskeun omonganana : "Ieu téh karék satengah métér, di imah aya sésana satengah métér deui ".
Si Isah beureum beungeutna, tuluy ngusir : " Balik kadituh wan... , teu sudi aing mah, kajeun ngaranda wéh salilana, bisa paéh kawin jeung manéh mah !"
Wan Abud molohok teu ngarti bari lumpat sieun digebug si Isah ku gagang sapu .

Nyanggakeun terjemahan bébas kiriman ti rerencangan, mudah-mudahan katilasan kasonona...
sanes kitu kang Oleh ? :-)

GEUMPEUR.
Di desa Ciburayut aya randa ngora, geulis, demplon, rada ganjen, maklum urut pamajikan resmi nu ka opat éx kapala désa bapa Mardun B.A .(Beuki Awéwé, sanés Bachelor of Art) nu pupus sataun katukang teu pira alatan kapeureumpeunan, ngan lain ku taneuh atawa keusik, ieu mah ku ban serep treuk anu lésot di jalan.
Kacaritakeun di désa éta aya pamuda dedeg tur kasép (kinten-kinten sapartos bapa Yogi lah), ngan hanjakal si pamuda éta gaul jeung préman pasar Bereyek, jadi wéh baragajul.
Si pamuda aya haté kadua leutik ka si randa.
Hiji peuting jemplang jempling si pamuda kateteyepan tina para asup ka kamar si randa .
Di jero kamar, si randa keur saré rada ngaboréklak. Si pamuda mata simeuteun, teu dihaja najong tampolong.....brang.... Si randa ngulisik hudang, buru-buru si pamuda nyentak bari ngamang-ngamang bedog, tapi kulantaran geumpeur si pamuda salah nyentak : " Nyawa atawa aa... !? ", (maksudna jiwa atawa harta, ngan geumpeur jadi poho kecap "harta"). Si randa ogé sigana geumpeur, terus ngajawab : " aa...", bakat ku geumpeur.
Terusna mah duka téh teuing da si cakcak teu méré inpormasi nu lengkep, nu pasti mah sajam ti éta wanci kohkol ditakol tilu kali ku nu ngaronda, si pamuda ngorénjag hudang rék balik, ngan kulantaran buru-buru pohoeun kana bedogna nu aya diluhureun kasur. Dina kasempetan nu alus ieu, buru-buru bedog téh di cokot ku si randa, tuluy balik nyentak si pemuda bari ngamang-ngamang bedog : " Nyawa atawa deui ...!". Tah palebah dieu mah teu ngarti naon maksud kecap "deui", mereun geumpeur kénéh maksudna mah "bui" meureun nya ? .Selanjutna terserah anda !

CUKANG LANTARAN SI ADAM KAPIR

Si Adam budak umur 10 taunan. Manéhna anak ti bapa Islam jeung ti indung Katolik.
Unggal ditanya kubabaturanana naon agama si Adam, si Adam teu bisa ngajawab.
Manéhna hayang boga kapastian agama nu rék dianutna, tapi hayang nu ngeunah dilakonanana. Kira-kira sistim parasmanan lah, mana nu ngeunah éta nu dicokot.

Kabeneran poé éta Ahad, si Adam isuk-isuk kénéh geus aya dihareupeun garéja di alun-alun. Kulantaran hayang nyaho agama Katolik, manéhna gura-giru teuing, datang ka garéja isuk teuing, pantona can dibuka.
Beuteung si Adam can kaasupan nanaon pisan, kabeneran aya tukang roti, nya manéhna meuli roti rada gédé.
Kakara gé ngadahar saparapatna, panto garéja dibuka. Buru-buru si Adam asup terus diuk panghareupna deukeut pisan altar, maksudna ambéh jelas ngadéngékeun eusi khotbah.
Kacaritakeun judul khotbah pastor harita soal kajadian Nabi Adam di surga anu diusir ka dunya ku Alloh versi Katolik.
Kulantaran rotina can béak, si Adam ngeureuyeuh nyégétan roti tuluy diteureuy lalaunan.
Palebah pastor nyaritakeun Nabi Adam nu nyumput kulantaran ngarasa salah geus ngalanggar paréntah Alloh, si Adam keur ngagayem roti jeung bari rada ngalamun.
Pastor khotbah mani tarik siga ngabentak : "Tuhan bertanya dengan keras kepada Adam, hai Adam sedang apa kamu ? "
Atuh si Adam reuwas asa disentak, tuluy ngajawab : "Sedang makan roti pastor !". Si Adam kabesékan tuluy batuk teu eureun-eureun. Atuh gerrr... hadirin sareuri.
Pastor ngambek pédah hadirin teu khusu deui, tuluy si Adam diusir kaluar bari dicarékan.
Ku kajadian éta si Adam mastikeun moal asup agama Katolik siga indungna.

Poé Juma'ah si Adam datang ka masjid di alun-alun persis hareupeun garéja bari mawa sarung jeung kopéah ilaharna batur.
Ningali batur wudhu, manéhna tuturuti wudhu, batur maké sarung, manéhna maké sarung, batur ngaleupaskeun calana jero, manéhna ogé ngaleupaskeun calana jerona. Alhasil naon nu dilakukeun ku batur, diturutan ku manéhna.
Kulantaran datangna rada elat, si Adam kabagéan diuk di shaf tukang persis tukangeun aki-aki nu tadi bareng wudhu jeung manéhna. Ditukangeun si Adam aya barudak sapantaranana.
Shalat dimimitian, si Adam tuturuti sagala nu ditingalina. Ningali batur kunyam-kinyem maca surat, manéhna ngilu kunyam-kinyem teuing maca nanahaon, barudak ditukang cicirihilan, manéhna ngilu cicirihilan, batur sujud, manéhna ngilu sujud. Tah waktu sujud salah saurang budak nu rada bangor, ningali 'endog' si Adam ngagantung, terus disintreuk ti tukang. Atuh si Adam ogé pipilueun nyintreuk endog si aki hareupeunana. Si aki ngarénjag, tuluy nejéh si Adam katukang, si Adam pipilueun néjéh katukang, keuna sirah budak tukangeunana, si budak ngambek, si Adam di babuk ti tukang, atuh puguh wé si Adam nurutan ngababuk si aki di hareupeunana. Ébat wéh sholat si aki. Si aki ngambek ngabuburak barudak sitah kaluar ti masjid bari ngamang-ngamang panakol bedug.
Balik ka imah si Adam mikir. : "Euweuh nu ngeunah gening. Aaah aing mah kajeun kieu wéh kapir saumur-umur.......".

NGIRUNG
Kuring jalan-jalan di Bogor, numpak bémo ti Tanjakan Émpang ka Ciburial, diukna dihareup gigireun supir.
Ditengah jalan bél disada, bémo eureun. Saurang panumpang turun tuluy kahareup nanyakeun ongkosna ka supir bémo.
Panumpang : "Sa'balaha ku'lin 'udu mayal ti Tan'akan Ém'ang ?", pokna bari ngirung. Maksudna kaharti "sabaraha kuring kudu mayar ti Tanjakan Empang ?"
Si supir bémo teu ngajawab, kalahka terus maju deui, jadi si panumpang teu mayar pisan.
Rada jauh ti dinya kuring nanya panasaran.
Kuring : "Ku naon pa teu dijawab ? "
Supir bémo : "I'nim'ang diangka ngalééwé men'ing teu nalima 'uit", jawabna singket.
Maksudna kaharti "tinimbang disangka ngaléléwé mending teu narima duit"
Paingan atuh satali tiga uang !

Sholat mayit
Si Ibro ngalayad babaturanana anu maot , manehna jeung babaturanana opatan, sanggeus nepi ka imah nu maot, bapana nu maot nitah ka si Ibro jeung babaturana sholat mayit. Ibro jeung babaturana silih reret kulantararan pada teu ngarti kumaha carana sholat mayit, tapi kulantaran era ku bapana nu maot kapaksa si Ibro jeung babaturana ngalakukeun terus nu jadi imamna si Ibro, pas raka'at kahiji si Ibro ruku terus beres ruku sujud, sajeroning sujud si Ibro ngadangu nu ngaharewos, (eh eta barudak teh naha make sujud sholatna. Ngadangu kitu berebet si Ibro lumpat tuluy nu lain oge marilu lalumpatan, sanggeus rada jauh jeung geus cape, si Ibro eureun bari diuk handapeun tangkal, tuluy babaturana ngomong : Cape geuningan sholat mayit teh make lumpat sagala.

Ngajar ngaji
guru ngaji ngajar anu suing, budak ieu teh karak diajar ngaji alip2an
guru : sok geura der baca kadinya
murid : alip, ba, ta, sa, jip...
pas palebah jim nu suing macana teh lain jim tapi jip, ma'lum suing
guru : lain jip tapi jim
murid : jip
guru : jim
saking keuheul tuluy guruna bari kesel nembal : lain jip sia teh treuk.

Subject: Joke Sunda
>
>
>
> Mabok
> Hiji mangsa saurang jalema mabok asup ka hiji bar,
> ngaliwatan panto hareup. Kanyahoan ku Bartender,
> buru-buru ngahalangan eta lalaki,
> "Teu meunang asup kadieu geus mabok mah!"
> Jalema mabok tadi kaluar, tapi terus asup deui, ngan
> ayeuna mah ti panto gigir. Kaperego deui ku Bartender
> "Anjeun teh geus mabok, jadi tong asup kadieu! Perlu
> di pang manggilkeun taksi...?"
> Nu mabok tea buru-burur kaluar deui, tapi asup deui ti
> panto tukang. Kapanggiheun deui bae ku si Bartender anu tadi, bari
> jeung keuheul pok si Brtender nyarita, "Lamun silaing wani asup deui,
> awas, dibejakeun ka pulisi geura!" Jalma anu mabok tea ngarenjag jiga
> nu reuwas, "har...naha silaing bisa gawe di sababaraha bar euy...?"
>
> Baygon
> Ilaharna poe lebaran, sok loba jalema anu ngadon
> nyekar ka kuburan. Kasampak aya lalaki tengah tuwuh
> keur nyeungceurikan tilu kuburan.
> Lantaran harita teh keur loba jalma, atuh nempo
> paripolah eta lalaki teh jadi loba anu panasaran.
> "Manawi teu kaabotan, dupi eta kuburan anu tilu teh,
> kuburan saha, geuning sadayana diceungceurikan?" ceuk
> salah saurang jalma anu panasaran.
> "Euh anu ieu mah kuburan pun bojo. Sapuluh taun
> kapengker tilarna teh, ngaleueut baygon," tembalna.
> "Dupi ieu kuburan nu kadua?"
> "Ieu oge sami kuburan pun bojo keneh. Lima taun
> kapengker tilar dunyana teh. Sami deuih alatan
> ngaleueut baygon."
> "Dupi anu ieu, rupina kuburan putra nya?" "His,
> sanes. Ieu oge sami kuburan pun bojo. Nembe sataun maotna teh, enging
> musibah, tulang tangkorakna bencar." "euleuh-euleuh, geuning ngangge
> bencar sagala. Panginten tabrakan waktos tunggang motor?"
> "His, sanes. Bencar tulang tangkorakna teh wireh ku
> sim kuring dibabuk ku linggis, da bongan nolak nginum baygon."
>
> Si Enci
> Si Enci lapor ka pulisi, dumeh peuting tadi tokona kagarongan. Eusina
> kabeh dikerid ku garong, anu cenah jumlahna lobaan.
> "Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod," pokna bari
> pepeta. Maksudna mah salakina ditalian, sarta anakna
> diborogod ku garong tea.
> "Ari Enci dikumahakeun?" pulisi nanya.
> Si Enci kalahka ngabigeu bari aluman alimen.
> "Si Engkoh ditaliang, si Otong diwologod...."
> "Enya, eta mah pan si Engkoh jeung si Otong. Ieu mah
> Enci, dikumahakaeun ?"
> "Ah, embung, ela....," tembalna
>
> Abstrak
> Guru : "Mar, naon ari anu disebut abstrak?"
> Umar : "Henteu kongkrit Pa."
> Guru : "Kumaha maksud henteu kongkrit teh, Ju?"
> Juju : "Teu kongkrit teh hartosna teu tiasa katingal,
> teu tiasa dirampa, tapi hakekatna aya."
> Guru : "Alus, cing bere conto, Unang!"
> Unang : "Lancingan Eti, Pa!"
>
> Pohoan
> Si Ontohod kacida pohoanana, utamana kana payungna.
> Unggal poe, lamun rek indit gawe, manehna sok mawa payung, ngan pas
> turun tina beus kotana, eta payung sok tinggaleun bae. Hiji poe
> pamajikanana ngawawadian, "Yeuh kang Ontohod, payung teh mahal!maenya
> kudu meulian wae payung unggal
> poe mah. Heug engke deui mah inget-inget ari rek turun tina mobil
> teh." Atuh basa dina hiji mangsa si Ontohod ningal payung dina beus
> kota anu biasa ditumpakanana, buru-buru ku manehna dicokot, dibawa
> balik. Bari semu atoh pok manehna ngomong ka pamajikanana,
> "Yeuh, Nyai, teu poho deui ayeuna mah mawa payung teh."
> Pamajikanana colohok, "Akang, akang...., pan basa tadi
> indit teh akang poho teu mawa payung!"
>
> Anjing Pinter
> "Pajar anjing silaing teh pinter, bisa dititah meuli
> kurupuk sagala. Geuning sanggeus dibere duit ku kuring
> teu balik deui?" ceuk si Tomi ka baturna.
> "Sabaraha kitu dibere duitna?" ceuk baturna.
> "Sarebu perak!" walon si Tomi
> "Paingan atuh ari kitu mah. Lamun dibere lima puluh
> perak, manehna bakal balik deui bari mawa kurupuk. Ari
> dibere sarebu mah kawasna lalajo heula."
>
> Asuransi
> Di Australia waktu aya konprensi asuransi
> internasional, aya salah saurang peserta anu ragrag
> ti hotel tingkat 15 nepi ka maotna.
> Ceuk peserta ti Amerika,"Di nagara kuring mah, ieu
> jalema anu ragrag teh santunan asuransina bisa cair
> dina jero saminggu."
> Peserta ti Jepang embung eleh. "Komo di nagara kuring
> mah leuwih cepet, asuransina bisa cair dina jero dua poe. Kumaha ari
> di Indonesia?" pokna bari ngareret ka peserta ti Indonesia.
> "Di Indonesia mah leuwih cepet deui. Lamun aya jalema
> ragrag ti tingkat 15 nepi ka maotna, di tingkat 10
> keneh santunan asuransina geus dibikeun," tembalna kalem.
>
> Tos dugi ka Cianjur..."
> "Pa supir punten ngawiat pun anak pami tos dugi ka
> Cianjur kade wartosan..!" Ceuk saurang ibu-ibu ka
> supir bis jurusan Bandung.
> "Mangga bu.. ....nya ibu moal ngiring kitu ?" Tanya supir. "Moal ibu
> mah ieu we pun anak..!" Ceuk si Ibu bari ngareret anakna.
> " Daag sayang..!"
> " Daag mamah...!" budakna ngajawab.
> Teu kungsi lila bis geus ngadius mapay jalan tol
> Jagorawi, neupi ka Ciawi sibudak teh noel ka supir,
> ma,lum diukna tukangeun pisan supir.
> " Pa .. ..tos dugi ka Cianjur ieu teh..?"
> " Teu acan jang ... ...tebih keneh .....!
> Ceuk supir bari anteng ngagelang stir.
> Dasar budak, basa bis ngahaeub ka Cisarua geus
> celengkeung deui nanyakeun.." Pa tos dugi ka Cianjur...?"
> " Encan jang....!" Supir rada molotot.
> Budak ngahephep sieuneun ari dipolototan mah, neupi ka
> Ciloto katingali budak geus sapokpokeun nek nanya
> deui, ngan kapiheulaan ku supir.
> " Hayoh nek nanya deui...?" Ceuk supir buncelik.
> Teu karasa bis geus neupi ka wilayah Cipanas....budak
> anu titadi sok nanya terus, ayeuna jempe sihoreng
> budak teh sare mani tibra pisan,
> kitu deui penumpang nu sejenna pating galuher...ngan
> anu teu ngaguher teh pa supir.
> Renjag .....supir ngarenjag reuwas basa bis teu karasa
> geus nepi ka Padalarang. ...
> ras inget kapapatah si Ibu mani omat-omatan lamun
> geus nepi ka Cianjur kudu di bejaan eta budak teh.
> ....
> reg bis the eureun, terus supirna ngomong ka para
> penumpang yen aya penumpang kaliwat turun,
> kaparengan penumpangna ibu-ibu teu loba pancaraken bis
> anu geus neupi ka Padalarang ngadius balik deui nuju
> ka Cianjur .....anu dianterkeuna mah
> jongjon wae ngaguher...... ken we lamun geus neupi ka
> Cianjur karek dihudangkeun.
> " Jang tos dugi ka Cianjur..!" Ceuk penumpang
> gigireunana ngahudangkeun budak.
> " Aduh tos dugi..!" Ceuk budak bari gura giru muka
> bungkusan anu eusina obat cacing, leguk diinum.
> " Jang dimana lungsurna...?" Supir mimiti keuheul,
> lantaran budak the lain turun kalahka nginum obat
> heula.
> " Har ari bapa, pan karek dugi ka Cianjur, nya biasa
> atuh lungsur mah di terminal Leuwi Panjang! " Ceuk
> budak kalem.
> " Jadi di Cianjur lain nek turun ?"
> " Sanes......saur mamah pami tos dugi ka Cianjur ieu
> obat kedah di leueut, sakali deui engke pami tos dugi
> ka Bandung !" Budak nerangkeun pertentang.
> " Jadoolll !" Ceuk supir ngajejek gas.. ....dius bis
> balik deui nuju ka Bandungkeun.
>
> Setan
> Saurang pejabat munggah haji. Dina mangsa jumroh eta
> pejabat ngiluan pasesedek jeung nu lian.
> Belewer nenggorkeun batu, nurutan nu sejen. Ngan
> aneh, ti palebah anu ditenggorna aya nu males nenggor,
> keuna pisan kana tarangna. Untungna teh bisa terus
> kasanggap. Batu anu ditenggorna dibungkus ku keretas.
> Barang dibuka ku manehna dina eta kertas aya tulisan
> anu unina kieu "Ari sarua papada setan mah ulah
> pipilueun maledog atuh euy!"
>
> Viagra
> "Ki...bade nginum jamu naon pegel linu, encok atawa
> jamu napsu makan?" Tanya tukang jamu ka si Aki.
> "Lain euy..aya Viagra teu..?" Ceuk si Aki satengah ngaharewos.
> "Euleuh-euleuh eta mah jeung budak ngora atuh
> aki...nya si Aki masih keneh sok eng ing eng kitu..?"
> "Lain jeung nukitu patut deuleu..!"
> "Nya keur naon atuh..?" >
> "Ieu euy sangkan kiih teu nyurucud wae kana suku!"
> "Baruuk!

> Tatangga
> "Dewek mah keuheul kapamjikan euy, teu kaop tatangga
> meuli itu, boga ieu, sok langsung nurutan, dasar si
> panas baran...!" Mang Sarkim gegelendeng.
> "Pamajikan nukitu patut mah bales wae atuh..!" Mang
> Jupri kalahka mapanas.
> "Nya kumaha kitu..?"
> "Kieu geura lamun ningali tatangga kawin
> deui..buru-buru urang ge kawin deui..!"
> "Anyiiir satuju euy...!" Mang Sarkim atoh.

> Motor Anyar
> Si Encim kakara meuli motor anyar. Dicobaan jeung babaturanana. Anu
> matak keuheul keur babaturanana, ti mimiti indit nepi ka harita,
> si Encim henteu ngoper gigi, tepikeun ka sora motor
> geus ngaheong siga helikopter.
> "Cim, montong dina gigi hiji bae atuh euy! pindahkeun
> gigina"
> Si Encim ngajawab, "Lah, lahuta teuing atuh. Apan gigi
> hiji ge can beak".

> WAMIL
> "Teu bisa atuh Pa, jalema jiga kuring ngilu wajib
> militer" ceuk saurang pemuda anu embungeun ngilu
> wamil.
> "Naha?" ceuk perwira nu ngarekrutna.
> "Apan suku kuring mah jangkung sabeulah"
> "Oh, keun bae teu nanaon. Da engke ge di medan tempur taneuhna henteu
> rata" ceuk si perwira kalem.

roti
si abud keur lapar..
kucluk-kucluk ngaliwat tukang roti..
Bari rada bungah si abud ngagegero si tukang roti..
si abud: "mang,..mang, roti mang.."
T.roti : "mangga, jang..bade nu man?."
si abud: "ieu naon mang?...
T.roti: "coklat, jang..."
si abud: "ieu..." (bari nunjuk nu sejenna)
T.roti: "Nanas..."
si abud: "anu ieu naon, mang..."
T.roti: "Markisa, jang.."
si abud:" Hor..ari mamang, rotina mana?..."
T.roti:....

Sambutan ti simkuring

Assalaamu a'laikum
Alhamdulillah
Hadirin hadirot
sangu sapiring seep ku kolot
teu hilap ka tukang sulap
oge ka tukang toge
kahiji, sateu acan nu kadua
kaduana, saparantosna nu kahiji tadi
terakhir nu katilu saparantos nu kahiji
sareng nu kadua
mung sakitu di simkuring
upami aya nu kirang, da' emang
sakitu ayana,
wassalaamu a'laikum

???...;)



MATEMATIKA
Yuswa aki Sanusi tos langkung ti 70 warsih.
Dina hiji dinten anjeuna ngariungkeun para putra nu ngarumbara di nusantara.
Aki Sanusi : "Yeuh barudak. Maranéh geus nyaho yén nini téh geus lila pisan ninggalkeun
urang".
Putrana : "Atuh 6 sasih mah teu acan lami atuh Bapa. Upami 6 warsih, nembé tos lami !"
Aki Sanusi : "Ah ceuk rarasaan aki mah asa geus lila pisan, asa geus 6 taunan".
Putrana : "Naon maksad aki téh ?"
Aki Sanusi : "Maksud aki, nyaéta hayang ménta bantuan maranéh mangnéangankeun
gaganti nini".
Putrana : "Nu kumaha kinten-kintena aki ?".
Aki Sanusi : "Nya, nu umurna kira-kira 50 taunan, ambéh aki teu ngérakeun maranéh".
Putrana : "Teu aya atuh aki nu kitu mah".
Aki Sanusi : "Ari euweuh mah, nu 25 taunan atuh, tapi dua !"
Pala putra aki Sanusi, molohok teu ngarti kana matematika Aki Sanusi.

SALAH TAFSIR
Di halteu karéta api Leuwi Goong aya urang Cirebon anu keur diuk sorangan dina bangku, sigana mah keur nungguan karéta api nu ka dayeuhkeun.
Lar aya tukang nangka ngaliwat hareupeunana.
Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas ! "
Ngadéngé omongan tukang nangka, urang Cirebon téa diukna rada ngagésér saeutik.
Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas !"
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Tukang nangka : "Nangkana mas ! Nangkana mas !"
Urang Cirebon téa diukna rada ngagésér deui saeutik.
Terus kitu kajadianana, nepi ka bangkuna najuralit, si urang Cirebon tijengkang nangkarak bengkang.
Si urang Cirebon ngambek, nyarékan tukang nangka laklak dasar.
Urang Cirebon : "Bujur manéh sakumaha legana hah ! Ku aing dibéréan tempat diuk, masih
kénéh nitah ngagésér ka aing ! ".
Tukang nangka molohok teu ngarti kunaon dicarékan.

HUJAN
Asmawi : " Beca ! Sabaraha ka jalan Pagarsih ?"
Tk béca : " Tilu rébu den ! "
Asmawi : " Na mahal-mahal teuing ?"
Tk béca : " Hujan den ! "
Asmawi : " Heueuh, numatak kana béca gé pédah hujan ! "

LEBARAN
Silobahutang urang sabrang langganan warung remang-remang di pantura.
Manéhna rék neruskeun nyupiran tronton Fuso wanci subuh.
Silobahutang : " Nih, aku bayar kau lima puluh ribu !"
Langgananana : " Tida bisa oom, harus dua ratus ribu ! "
Silobahutang : " Aah, mahal kali ! Biasa segitu ! "
Langgananana : " Ini kan lebaran oom ! "
Silobahutang :" Apalagi lébaran, sémpitanpun aku ta' mau bayar ! Ah mahal kali ! "



GARUDA
Adun :"PT Garuda Indonesian Airways meunang panghargaan minangka pausahaan
penerbangan pangamana sadunya. Hébat nya !"
Asan :"Puguh wéh reueus. Naon nyah pertimbangan jurina ?"
Adun :"Pesawat Garuda mah moal aya nu masangan bom waktu, lantaran jadwalna sering
ngaco !"

DU'A
Ajengan : "Lamun urang rék dahar kudu maca naon ?"
Santri : "Bismillah...!"
Ajengan : "Sanggeus réngsé dahar kudu maca naon ?"
Santri : "Astagfurillah ....!"
Ajengan : "Na maranéh téh poho ? Kudu maca alhamdulillah..!"
Santri : "Tapi kamari mama ajengan maca astagfurillah di restoran ?"
Ajengan : "Oh..eh.., éta mah béda..., tagihanana mahal teuing.."

SARUA BORANGAN
Pépén : "Basa kuring rék balik lembur tadi peuting, harita téh pas jam 7.30, di hareupeun
mesin absensi aya jurig keur ngajanteng, jadi wéh kuring teu jadi absen "
Baturna : "Atuh sarua jeung kuring. Basa kuring rék balik lembur tadi peuting, harita téh
pas jam 7.30 ogé, waktu kuring keur ngajanteng rék ngagésék kartu absensi aya
jurig leumpang ngadeukeutan kuring, jadi wéh kuring teu jadi absen ogé"

DI PECINAN
Karna : "Sabaraha harga CD nu ieu ?"
Karno : "Céng go "
Karna :Ah, mahal teuing. Go céng wéh nya ?"
Karno :"Punten, ari gocéng téh sabaraha ? Da abdi mah sanes akéw"
Karna :"Sarua kuring ogé lain akéw. Ari céng go téh sabaraha ?"

ISTIMEWA
Ari : "Kasur jeung anggel téh bahana sarua tina kapuk lain. Tapi kunaon ari saré dina
kasur masih kénéh dianggelan ?"
Ara : "Biasa. Ari kapala mah sok hayang diistiméwakeun !"

MOAL DEUI-DEUI.

Aya dua sobat langgana ngopi diji warung, tapi abongkena dedeg pangadegna pikagigiseun, duanana sok rea pisan tingkahna ngaheureuyan budak anu sok ngalayanan di dinya. kopi tea dibahekeun, uyah jeung gula dipatukurkeun wadahna, barang dahar ambalayah kana meja nepi kataplakna kotor, jeung sajabana, tapi budak nungalayannana teh teuing ku sabar, mangkaning sakapeung mah sok dicarekan teu pupuguh. nu boga warung oge henteu bisa kukumaha anakna dikitukeun teh, da heunteu untupan nenjo dedeg pangadegna nu dua eta, ari mayar mah duanana oge sok bener deuih.

Sabada sawatara bulan kikituan, salah saorang diantara nu dua teh nyarita kabaturna " Asa teu puguh mangbulan-bulan urang ngaheureukeun eta budak, mejeuhna ayeuna mah dieureunan nya. karunya."

Tembal baturna, " Enya karunya. hadena urang persen sing gede, itung-itung pameulina, nya."

Barang nu duaan tea datang deui ka eta warung samemeh pesen nanaon, nu saurang nyarita ka budak nu sok ngalayanan tea "Jang hampura, nya. Akang duaan sok ngaheureuyan, ayeunah moal deui-deui. malah yeuh duit persen, tarima.

Walon eta budak sabada narima duit,"Sami-sami. Abdi oge engke mah upami ngaladangan kopi moal diciduhan heula ........"

SALAH NGAHARTIKEUN
Ki Ibro jeung si Ju'i keur uplek ngobrolkeun kaayaan ayeuna bari ngadéngékeun radio di pos ronda tukangeun masigit. Kabeneran harita téh keur nyiarkeun laporan langsung démo di istana nagara.
Démonstran : " Turunkan BBM !, turunkan BBM !"
Anu di démo : " Saudara jangan ikut campur urusan pribadi saya. (B)erat (B)adan saya
(sora awéwé) adalah urusan pribadi saya. Walau badan saya gemuk, tetapi bukan hak
saudara untuk menurunkannya !".
Ki Ibro : " Euh ari kitu mah sigana salah ngahartikeun. Paingan atuh harga BBM teu
turun-turun ! Sigana mah tersinggung si ibu téh."
Si Ju'i : (molohok teu ngarti)

NGILU SALAH
Mama Ajengan nuju ngawulang santri-santrina ihwal kaayaan ayeuna.
Mama Ajengan : " Kaayaan anu riweuh kieu téh alatan para pamimpin urang anu leuwih réa
mikirkeun partaina tinimbang rakyatna. Ku kituna ayeuna urang kudu
sering-sering ngadu'a anu alus ".
Santri : " Numutkeun pendapat abdi mah, Mama Ajengan ngiring saham kana
kaayaan anu riweuh kieu. Para pamimpin téh henteu diazab ku Alloh ".
Mama Ajengan : " Naha manéh nyalahkeun mama ?"
Santri : " Cobi wéh perhatoskeun du'a mama, ......ampunilah dosa-dosa para
pemimpin kami ........, janten wéh unggal badé di azab ku Alloh,
para pamimpin urang kénging ampunan, kumargi di du'akeun baé ku
mama".
Mama Ajengan : " Ari kitu mah tandana du'a mama téh makbul nya ? Urang ganti atuh
redaksi du'ana nya !".